KAJIAN KABUDAYAAN KAMPUNG NAGA
NUNU NUGRAHA
1211503088
A.
BUBUKA
1.
Kasang
Tukang
Kampung Naga mangrupa hiji
pilemburan anu dicicingan ku sajumplukan masarakat anu pohara kuat dina nyekel
adat istiadat titilar karuhunna, dina hal ieu téh adat Sunda. Kawas padumukan
Badui, Kampung Naga jadi objek kajian antropologi ngeunaan kahirupan masarakat
pilemburan Sunda dina mangsa peralihan ti pangaruh Hindu nuju pangaruh Islam di
Jawa Kulon. Kampung Naga ogé mangrupa salah sahiji ti kampung anu masih nyekel
talari sarta adat istiadat karuhun, tapi bisa hirup berdampingan jeung
kahirupan masarakat séjén anu leuwih modern. Kampung Naga memang ngabogaan
unikna pangsoranganna. Nempo ti deukeut kahirupan basajan sarta bersahaja anu
masih tetep lestari di tengah peradaban modern.
2.
Maksud
jeung Tujuan Panalungtikan
Maksud
jeung tujuan dijieun na Mini Research
ieu nyaeta:
a. Pikeun
mikanyaho kahirupan urang Kampung Naga.
b. Pikeun
mikanyaho wanda kabudayaan, system pakasaban, sajarah, pakakas, system
kapercayaan, imah, kasenian, organisasi kamasarakatan, pangaweruh, system
bahasa, sareng inovasi masarakat kampong naga.
3.
Rumusan
Masalah
Ti
kasang tukang di luhur nu nulis indit ti ngarumuskeun masalah kieu:
1) Kumaha
Sajarah Kampung Naga?
2) Kumaha
sistem kamasarakatan di Kampung Naga?
3) Kumaha
sistem kapercayaan ( religi ) anu di anut ku masarakat Kampung Naga?
4) Kumaha
sistem pakasaban masarakat Kampung Naga?
5) Kumaha
pola imah atawa wangunan nu aya di Kampung Naga?
6) Kawas
naon parabot hirup masarakat Kampung Naga?
7) Kumaha
sistem pangaweruh masarakat Kampung Naga?
8) Kawas
naon Kasenian nu aya di Kampung Naga?
9) Kumaha
sistem basa anu dipaké ku masarakat Kampung Naga?
10) Kumaha
inovasi masarakat Kampung Naga?
B.
LANDASAN
TEORI
1.
Kabudayaan
1.1
Hakékat
Kabudayaan
Kecap kabudayaan
asalna tina kecap
buddhayah, nya éta
bentuk jamak tina
buddhi anu artina
budi atawa akal. Kukituna kabudayaan
bisa dihartikeun perkara
anu aya hubungana jeung akal. Dina bahasa Inggris kecap budaya asalna tina
bahasa latin nya
éta colere, hartina
ngolah taneuh atawa
tatanén. Tina harti, culture nya éta
sagala usaha manusa
pikeun ngarobah alam.
Sedengkeun kabudayaan salaku
konsép, nya éta
sakabéh cipta jeung
karya manusa anu
kudu dibiasakeun ku cara diajar
saluyu jeung budi akal. Kabudayaan ogé bisa disawang salaku sakabéh pangaweruh manusa salaku mahluk
sosial anu digunakeun pikeun ngarti
jeung ngainterpretasi lingkungan
sarta pangalaman salaku
dadasar tina paripolahna. Kabudayaan dina hal ieu salaku
mekanisme kontrol pikeun kalakuan jeung
tindakan sosial manusa
atawa pola paripolah
manusa (Koentjaraningrat, 1985:9).
Kabudayaan ogé
miboga harti anu
jembar, ngawengku ngawasana
hiji bangsa kana hal
anu kompleks dina
pangaweruh, ageman, seni,
moral, hukum, adat istiadat
(kabisaaan) jeung pembawaan
ti anggota masarakatna
sorangan (Taylor dina Soelaeman,
2010:19). Herkovits dina
Soelaeman (2010:20) ngébréhkeun
pamanggihna dina téori kabudayaan nya éta:
1) Kabudayaan
bisa diulik.
2) Kabudayaan miboga
sumber tina segi
biologis, lingkungan, psikologis,
jeung komponén sejarah eksistensi manusa.
3) Kabudayaan
miboga struktur.
4) Kabudayaan
bisa dipasing-pasing dina rupa-rupa aspék.
5) Kabudayaan
miboga sipat dinamis.
6) Kabudayaan
miboga variabel.
7) Kabudayaan némbongkeun
sipat sitematis sarta
bisa dianalisis ku
metode ilmiah.
8) Kabudayaan mangrupa
alat anu dipaké
ku individu pikeun
ngatur kaayaanna jeung nambahan
rasa kreatifitasna.
Kabudayaan
ngawengku pola-pola, sikep, pikiran, rarasaan, barang jeung reaksi situasi anu
diebréhkeun ku simbol jeung disusun kalayan mandeg mandiri ti kelompok manusa,
(Kroeber jeung Klukhohn
dina Soelaeman, 2010:20).
Puseur maksud kabudayaan,
nya éta harepan
anu dibeungkeut ajén-inajén.
Sipat universal, bisa ditarima
ku umum, mangrupa
katangtuan anu disapukan
ku para ahli budaya
dina ngadefinisikeun kabudayaan.
Sanajan dina praktékna
harti kabudayaan numutkeun sawangan
masarakat umum nya
éta hiji hal
anu miboga harga atawa ajén alus
(Bakker dina Soelaeman, 2010:20).
Gurat badagna kabudayaan mangrupa hasil pamikiran
manusa tina sagala rasa sarta jadi
hiji kabiasaan jeung
kacangkem kalayan ngaliwatan
prosés diajar. Biasana budaya
jadi pangbéda antara
hiji kelompok masarakat
jeung masarakat séjénna, sanajan
dina gurat badagna masih aya dina tujuan anu sarua.
1.2
Wujud
Kabudayaan
Kabudayaan miboga tilu unsur
(Koentjaraningrat, 1985:5) nya éta:
1) Wujud
kabudayaan salaku hal anu kompléks tina ide-ide, norma-norma, aturan jsb.
2) Wujud kabudayaan
salaku aktivitas manusa
anu kompléks jeung
miboga pola dina masarakat.
3) Wujud
kabudayaan salaku barang hasil karya manusa.
Dina kahirupan
masarakat tilu unsur ieu teu bisa dipisahkeun antara anu hiji jeung
anu liyana. Kabudayaan
jeung adat istiadat
ngatur sarta ngarahkeun kana paripolah sarta karya manusa.
Pikiran, ide-ide paripolah jeung karya manusa, mangrupa barang-barang
kabudayaan dina wujud fisik.
Cindekna
wujud kabudayaan mangrupa
prosés dina ngawujud
keun hiji kabudayaan. Ieu
prosés katara ku
ayana ide salaku
awat di teruskeun
deui ku aktivitas salaku bentuk
kagiatan jeung ngahasilkeun karya mangrupa barang.
1.3
Unsur
Kabudayaan
Budaya ogé
miboga tujuh unsur-unsur
unifersal (Koentjaraningrat,
1985:5) nya éta:
1) Sistem
réligi jeung upacara kaagamaan
2) Sistem
jeung organisasi kamasarakatan
3) Sistem
pangaweruh
4) Basa
5) Kasenian
6) Sistem
pakasaban
7) Sistem
téknologi jeung peralatan
Sistem réligi
jeung upacara kaagamaan
mangrupa unsur kabudayaan
anu pang luhurna. Nottingham (1994:3) nétélakeun yén agama mangrupa hal anu teu bisa
dibayangkeun, dijelaskeun jeung
digambarkeun tepika pamikiran
manusa ngeunaan agama ngan
saukur ngahasilkeun pamikiran
abstraksi ilmiah. Tapi agaman
mangrupa hal anu
teu bisa dipisahkeun
pikeun manusa dina
ngukur sakumah jerona bisa ngamaknaan dirina sorangan jeung alam di
sakurilingna.
Agama sorangan
dianggap sarana pikeun
manusa dina kabudayaanna
anu bisa ngimbangan kana pangalaman, lingkungan, ka asup dirina sorangan,
manusa séjénna jeung alam di
sakurilingna Nottingham (1994:9)
Kacindekan
tina unsur budaya,
nya éta agama
mangrupa akar dina ngadegna
hiji budaya sarta
matalikeun hal anu
nyata jeung hal-hal
anu teu bisa dijeulaskeun ku logika.
1.4
Sistem
Pewarisan Budaya
Sistem pewarisan
budaya numutkeun Brata
(2007:64) bisa ku
dua cara, nya éta:
1) Jenis pewarisan
tradisional, anu ngawengku
kulawarga, masarakat, lembaga adat, lembaga agama.
2) Jenis pewarisan
budaya sacara modérn,
anu ngawengku organisasi
kelompok sosial saperti lembaga atikan, jeung media massa
Bisa dicindekeun yén budaya mangrupa hal anu bisa
diwariskeun sangkan budaya teu tumpur
jeung salawasna nenjeur
salaku warisan ti
parasepuh jeung karuhun jaman
baheula
2.
Réligi
2.1
Wangenan
Réligi
Réligi
mangrupakeun kayakinan jeung
kapercayaan anu museur
kana konsep anu gaib.
Jeung mangrupakeun sikep
manusa dina nyanghareupan
anu gaib atawa hal-hal gaib (Otto dina Koentjaraningrat, 1985:22).
Paripolah manusa anu sumerah ka
roh, déwa, jeung
mahluk gaib séjénna
pikeun ngahontak hiji pamaksudan kaasup kana réligi
(Koentjaraningrat, 1985:28).
Sacara
basajan réligi mangrupa
kayakinan tina zat
goib anu sipatna umum
(Kruyet dina Koentjaraningrat, 1985:21).
Puseurna religi nya éta rasa atawa emosi anu ngabalukarkeun rasa segen
manusa kana hal-hal anu tangtu jeung sipatna teu asup akal (Cordington dina
Koentjaraningrat, 1985:19).
2.2
Asas-asas
Réligi
1) Asas sistem
religi dibagi jadi
tilu (Smith dina Koentjaraningrat, 1985:25) nya éta: Salian ti
kayakinan jeung doktrin
sistem upacara mangrupa
wujud tina réligi atawa agama anu masih merlukeun
analisa anu husus.
2) Upacara réligi
anu dilaksanakeun babarengan
miboga tujuan pikeun
leuwih ngaintensifkeun solidaritas masarakat.
3) Mangrupakeun pungsi
upacara nyuguh, dianggap
salaku kagiatan pikeun ngarojong rasa solidaritas jeung para
déwa.
2.3
Sistem
Réligi
Numutkeun
Otto dina Koentjaraningrat (1985:22)
nétélakeun sakabéh sitem réligi
miboga konsep puseur,
nya éta hal
anu gaib anu
dianggap maha dasyat jeung
karamat ku manusa.
Sipat anu maha
dasyat di dieu
nya éta maha abadi, maha wijaksana, maha adadi, teu
kaciri, teu kawatesanan jeung moal robah.
2.4
Komponén
Réligi
Réligi miboga
lima komponén, nya
éta émosi kaagamaan,
sistem kayakinan, sistem ritus jeung upacara, pakakasa ritus jeung
upacara, umat agama (Koentjaraningrat
1985:43). Sangkan leuwih
jéntré komponén réligi
kagambar sakumaha bagan di handap ieu.










Sistem
Keyakinan



Umat
Emosi Sistem Ritus
Agama Keagamaan jeung Upacara
Pakakas
Ritus
jeung
Upacara
Émosi kaagamaan
sumberna tina haté
manusa sarta ngusikeun
jiwa manusa. Atawa sieun
jeung percaya kanah
hal anu gaib
jeung karamat tapi
teu bisa ngajelaskeun kumaha alesanana.
Sistem kayakinan mangrupa
wujud tina pikiran,
kayakinan, tian wujud alam
gaib, dijieuna dunya,
kakuwatan sakti, roh
para karuhun, roh
alam, jurig, jeung mahluk goib
séjénna.
Sistem ritus
jeung upacara mangrupa
aktivitas tindakan manusa
pikeun babakti ka pangérana,
dewa, karuhun, atawa
mahluk gaib séjénna
jeung miboga tujuan pikeun
komunikasi. Ritus atawa upacara réligi biasana lumangsungna rutin, jeung
kombinasi tina sababaraha tindakan.
Dina ritus jeung
upacara réligi biasana sok ngagunakeun tempat, alat jeung sarana anu dianggap
suci.
Umat mangrupa
beungkeutan sosial anu
miboga kayakinan jeung ngalaksanakeun sistem ritus sarta
upacara.
Émosi kaagamaan
mangrupa komponén inti jeung miboga pangaruha
anu kuwat pikeun komponén
anu séjénna. Agama
sorangan dibagi jadi
tilu jenis, dumasar kana
asal jeung ajarana.
Nya éta agama
ardi anu miboga
prinsip tradisional jeung dumasar
kana kabudayaan sarta
alam, agama samawi
dumasar kana wahyu anu turun ti langit, sarta agama dumasar kana hasil
pamikiran manusa (Tim Dosén Pendidikan Agama Islam, 2009:15). Agama ogé miboga
harti ajaran atawa ajén-ianjén anu
dipercaya bebeneranna ku umat agama éta sorangan jeung aya dina
kontek kabudayaan numutkeun
daérahna masing-masing (Kahmad
dina Perhimpunan KB-PII, 2006:47).
Ku kituna unsur
budaya jeung agaman
teu bisa dipisahkeun jeung
jadi dua hal
anu ngawedelan kana
pamikiran manusa nu ngagem kana hiji ajaran (Kahmad dina
Perhimpunan KB-PII, 2006:48). Balukarna ayana
sinkretisme nya éta
campurna unsur-unsur sababaraha
agama dina agama anu anyar (Brata, 2007:46), di
masarakat anu katémbong dina rupa-rupa kagiatan anu masih
mangrupa adat jeung
condong kana agama ardi
tapi diadu maniskeun jeung ajaran
agaman samawi. Contona
waé upacara nyusur
tanah di tatar
Sunda sok dibarengan ku do’a anu sumberna tina ajaran islam.
Kacindekana komponén
réligi mangrupa hal
anu penting dina
ageman masarakat tur silih
pangaruhan antara hiji
komponén jeung komponén
séjénna. Balukarna kana ageman anu dipercaya jeung dipaké ku masarakat
dina kahirupan sapopoé anu mangrupa wujud tina komponén-komponén réligi.
3.
Tradisi
3.1
Upacara
Tradisi
Tradisi
di masarakat miboga
sipat ritual jeung
dianggap suci, ku
sabab ngungkabkeun tatacara tahapan hirup, naha éta bentuk salameta
atawa ménta hiji hal, lumangsung antara
manusa jeung anu
maha kawasa (Rahmat,
1995:28). Tradisi ogé mangrupa kabisaaan atawa adat istiadat
(Danadibrata, 2006:655).
Upacara
tradisi mangrupakeun hiji
kagiatan anu méwah,
tur ramé tapi
ogé karamat jeung dilaksanakeun sacara hidmat (Koentjaraningrat,
1985:25).
C. MÉTODE PANALUNGTIKAN
1.
Métode Panalungtikan
Métode anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan,
gumantung kana tujuan panalungtikan
jeung sipat pasualan
anu digarap. Dumasar
kana éta pamadegan, panyusun ngagunakeun métode
déskriptif. Panyusun miboga pamaksudan pikeun nepikeun jeung
ngabahas ngeunaan budaya nu aya dina Kampung Naga sareng kumaha
cara ngalestarikeun na.
2.
Téhnik
Panalungtikan
Sangkan
panalungtikan budaya ieu
bisa lumangsung kalayan
lancar. Panalungtikan budaya ieu
dibagi jadi dua
téhnik panalungtikan, nya
éta téhnik ngumpulkeun data jeung
téhnik ngolah data.
2.1
Téhnik
Ngumpulkeun Data
Dina
ngumpulkeun data, panalungtik
ngagunakeun sababaraha téhnik ngumpulkeun data,
diantarana nya éta
téhnik obsérvasi, wawancara,
jeung studi pustaka. Obsérvasi
nya éta ngalaksanakeun pengamatan
langsung ka lapangan pikeun meunangkeun
data anu valid. Dina téhnik
ieu ogé panalungtik ngagunakeun média
nu bisa ngarojong
prosés panalungtikan, diantarana
kaméra jeung Hp. Wawancara
dilaksanakeun pikeun meunangkeun
data langsung ti informan atawa tokoh masarakat nu
mikawanoh langsung kana data-data nu baris dikumpulkeun. Studi
pustaka, pikeun meunangkeun
data nu sipatna
dokumén (data gambar-gambar atawa tinulis).
2.2
Téhnik
Ngolah Data
Dina ieu panalungtikan, aya
léngkah-léngkah ngolah data
anu dikumpulkeun, diantarana:
1) Mikawanoh
kana kabudayaan nu aya di Kampung Naga, Desa Neglasari, Kecamatan Salawu,
Tasikmalaya.
2) Nyusun
kacindekan hasil panalungtikan.
3.
Desain
Panalungtikan
Desain panalungtikan ieu kagambar
sakumaha bagan di handap ieu:

Observasi
Awal


Pengumpulan Data


Analisis Data


Nyusun Karya Ilmiah
4.
Sumber
Data
Dina ieu panalungtikan, sumber
data anu digunakeun
pikeun meunangkeun data panalungtikan. Anu jadi sumber data nya éta:
1)
Data ti
sesepuh Kampung Naga,
Désa Neglasari, Kacamatan Salawu,
Tasikmalaya sangkan
panalungtikan bisa bener-bener wanoh kalayan jero kana hal anu
bakal ditalungtik.
2)
Data ti artikel pikeun
référénsi buku nu ngarojong kana bahan panalungtikan.
D.
BAHASAN
1.
Lokasi
jeung Letak Géografis
Kampung Naga perenahna aya di Desa Néglasari
Kecamatan Salawu kabupatén Tasikmalaya. Daerah nu aya dina ketinggian rata-rata
500 m ti permukaan laut, hawana tiis dina suhu rata-rata 21,5-23 derajat
celsius. Angka curah hujan rata-rata nepi ka 3.468 mm unggal taun.
Tibeulah kalér
kampung adat ieu téh tepung wates jeung Kampung Nangtang, Desa Cigalontang.
Beulah kidul tepung wates jeung pasir ogé jalan raya nu ngahubungkeun
Tasikmalaya jeung Garut. Sedengkeun tibeulah wétan diwatesanan ku walungan
Ciwulan jeung beulah kulon diwatesanan ku leuwi Naga nu sakaligus jadi wates
pamisah Kampung Naga jeung Kampung Babakan. Wewengkon Kampung Naga nu legana
sahektar satengah, lolobana dipaké keur imah, buruan, balong, leuwihna dipaké
keur sawah nu dipanén sataun dua kali.
Jumlah warga Kampung Naga ti 0 nepikeun ka nu geus
kolot jumlahna 304 jelema. Jumlah wangunanna aya 113, 110 imah warga , hiji
bale patemon, hiji masjid jeung, hiji leuit.
2.
Sajarah
Kampung Naga
Sajarah atawa asal-usul Kampung Naga numutkeun
salasahiji vérsina, dimimitian dina mangsa wali Syéh Syarif Hidayatullah atawa
Sunan Gunung Jati.Hiji muridna nu
ngaranna Singaparna dibéré pancén pikeun nyebarkeun agama Islam ka beulah
kulon. Tuluy manéhna disebut Sembah Dalem Singaparna. Dina hiji poé manéhna
meunang ilapat kudu tapa. Dina tapana
Sembah Dalem Singaparna meunang ilham sangkan manéhna kudu cicing dihiji tempat
anu ayeuna disebut Kampung Naga nepi ka daérah Néglasari nu ayeuna mah jadi
Kampung Néglasari Kabupatén Tasikmalaya.
Karuhun Kampung
Naga nu loba pangaruhna pikeun masarakat Kampung Naga “Sa Naga” nya éta Eyang
Singaparna atawa Sembah Dalém Singaparna disebut ogé Eyang Galunggung anu
dimakamkeun di beulah kulon Kampung Naga. Makam ieu dianggap ku masarakat
Kampung Naga jadi makam keramat nu sok dipaké jarah dina upacara adat nu
diayakeun keur sakabéh turunanna.
Namung
iraha Eyang Singaparana tilar dunya henteu aya data anu pasti, teu aya
hiji-hiji acan warga Kampung Naga nu apal. Numutkeun kapercayaan maranéhna
nu turun-tumurun, karuhun masarakat Kampung Naga henteu tilar dunya tapi
raib tanpa ninggalkeun jasad. Di tempat
éta masarakat Kampung Naga nganggap makam, kucara méré cicirén ka turunan
masarakat Kampung Naga.
Aya ogé carita anu sumebar di masarakat, nu
nyebutkeun yén ngaran Kampung Naga
asalna tina ayana oray naga nu ayana di wewengkon Kampung Naga. Lian ti éta aya
ogé nu nyebutkeun yén Naga sarua jeung tempat nu ayana dina gawir (nagawir). Nu
mana nu bener teu bisa dipastikeun sabab data nu aya geus teu aya. Henteu
ditimukeun sacara pasti kumaha sajarah atawa asal-usul ngaran Kampung Naga.
3.
Sistem
Kapercayaan
Masarakat Kampung Naga sakabehna ngaku ngagem agama
Islam, ngalaksanakeun solat lima waktu , puasa, jeung ngaji nu biasana
dipilampah ku masarakat Islam umumna. Tapi disagedéngeun masarakat kampung Naga
taat pisan nyekel adat-istiadat jeung kapercayaan karuhunna. Numutkeun
kapercayaan masarakat Kampung Naga ku ngajalankeun adat-istiadat warisan karuhunna hartina
ngahormatan para karuhun. Sagala hal nu datangna lain ti ajaran karuhun Kampung
Naga, jeung sagala hal nu teu dipilampah karuhunna dianggap hiji hal nu tabu,
atawa bisa disebut pamali. Masarakat Kampung Naga masih ngalaksanakeun kalayan
tumut kususna dina kahirupan sapopoe, utamana nu aya patalina jeung kahirupana.
Pantrang atawa pamali mangrupa katangtuan hukum nu teu tinulis nu ku maranehna
dijugjug luhur jeung ditumutan ku sakabeh jelema. Misalna, tata cara
ngawangun jeung wangun imahna,
panempatan, arah imah, pakean, upacara, kasenian, jeung rea-rea deui. Nalika
hal-hal eta henteu dipilampah ku
masarakat Kampung Naga hartina ngalanggar adat, teu ngahormatan karuhunna.
Numutkeun maranehna hal ieu pasti bakal nimbulkeun mamala.
Kapercayaan masarakat Kampung Naga kana mahluk halus
masih dicekel pageuh. Percaya ayana jurig cai, nya eta mahluk halus nu nempatan
cai atawa walungan utamana bagian walungan nu jero (leuwi). Tuluy oge ririwa
nya eta mahluk halus nu resep ngaganggu
atawa nyingsieunan manusa ari peuting, aya oge nu disebut kuntilanak nya eta
mahluk halus nu asalna téh awewe nu keur reuneu
paeh, si kuntilanak resep ngaganggu awewe nu keur atawa rek ngajuru.
Sedengkeun tempat-tempat nu dijadikeun
tempat cicing mahluk saperi kitu ku masarakat Kampung Naga disebut
tempat angker atawa sanget. Kitu oge tempat-tempat saperti makam Sembah Eyang
Singaparna, Bumi Ageung, jeung masjid mangrupa tempat nu dipandang suci keur
masarakat Kampung Naga.
4.
Pakasaban
Pakasaban masarakat Kampung Naga umumna tani jeung
pangrajin. Salewihna jualan sapopoe
jeung ternak,timimiti miara hayam,lauk
jeung domba.
Sistem tatanen masarakat Kampung Naga masih basajan
jeung tradisional.Salian ku tradisi,sistem tatanen tradisionalna miboga ajén nu
lewih ekonomis jeung ramah lingkungan.Ngolah tanah cukup ku make alat-alat
basajan jeung ngalibetkeun buruh, kulawarga, atawa tatangga anu dekeut tapi teu
dibayar mung saukur ku ngucapkeun panuhun. Maranehna teu make traktor jeung
pupuk kimia sabab numutkeun maranehna hal eta bisa ngurangan suburna
taneuh jeung pupuk kimia sarta bisa
nyebabkeun katergantungan dina pamakeanana, maranehna ngan ngagunakeun pupuk
organic nu mangrupa kotoran sato nu
dipiara. Nalika tatanen dua kali dina sataun, biasana dina bulan Januari
sarta bulan Juli.
Salian tatanen, masarakat Kampung Naga miboga usaha
leutik sabari nungguan mangsa panen ti mangsa melak, diantarana nyieun
karajinan. Bahan-bahan pikeun nyieun karajinan meunang ti leuweung tapi teu
nepi ka ngaruksak ekosistemna. Hasil tina karajinan eta aya nu dijual langsung
ka wisatawan nu dijual langsung di hareupeun imah, aya oge nu dijual ka
pemborong ti luar.
5.
Organisasi
Kamasarakatan
Kamasarakatan di Kampung Naga masih pohara lekat
jeung budaya gotong royong, hormat ngahormatan, sarta ngutamakeun kapentingan
golongan batan kapentingan pribadi.
Leuwih nilik pola hirup sarta kapamingpinan Kampung
Naga, urang bakal meunangkeun dua pamingpin kalayan pancénna séwang, nyaéta
pamaréntahan désa sarta pamingpin adat atawa anu ku masarakat Kampung Naga
disebat Kuncen. Peran duanana silih bersinergi hiji jeung sanes na pikeun
tujuan keharmonisan warga sa-Naga. Kuncen anu gaduh kawasa dina hal adat
istiadat lamun nyambung kalayan sistem pamaréntahan désa mangka kudu taat sarta
patuh dina RT atawa RW, kitu oge sabalikna RT atawa RW kedah taat ka sang
Kuncen lamun berurusan kalayan adat istiadat sarta kahirupan rohani nu
nyicingan Kampung Naga.
5.1
Lambaga
Pamarentahan
Lambaga
pamrentah nu aya di Kampung Naga Sami jeung lambaga pamarentah desa nu sanesna,
nyaeta:
1) RT
2) RK / RW
3) Kudus ( Kepala Dusun )
5.2
Lambaga
Adat
Lambaga
Adat di Kampung Naga aya tilu, nyaeta:
1) Kuncen
nyaeta jalmi nu gaduh pancen pikeun mangku adat sareng mimpin upacara adat.
2) Punduh
nyaeta nu ngagaduhan pancen pikeun ngatur aktifitas sapopoe masarakat Kampung
Naga.
3) Lebe
nyaeta nu tugasna ngususan mayit ti mimiti tepi ka ahir.
6.
Sistem
Wangunan
Wangunan-wangunan anu aya di Kampung Naga ngawangun
segitiga, kabéhanana beratap ijuk, sarta nyanghareup ka arah kiblat,aya kurang
leuwih 113 wangunan dina wewengkon 1,5 ha anu diwangun ti 110 imah warga sarta
1 mushola, sajaba ti éta ogéaya balé pasamoan sarta lumbung paré (Leuit) sarta
Bumi Ageung anu kakabéh bahan wangunanana ngagunakeun bilik-bilik, kai-kai,
sarta nu sejen na. Henteu ngagunakeun sanga atawa keusik. Kabéh wangun, ukuran,
pakakas sarta bahan wangunan kabéhanana némbongkeun ayana kesaimbangan sarta
keselarasan anu aya di Kampung Naga.
Imah di Kampung Naga
wangunna tradisional kénéh. Sakabéh imah perenahna manjang ti kulon ka wétan.
Hateupna lain ku kenténg, tapi ku hateup eurih campur injuk. Imah téh kabéh ogé
dijieun tina bilik jeung kai anu jumlah tihangna lima. Hiji ogé teu aya imah
anu dijieun tina témbok. Naon sababna? Lantaran urang Kampung Naga hayang miara
adat karuhunna.
Salian ti tukuh kana
adat, urang Kampung Naga ogé pohara ngutamakeunana kana kaséhatan. Upamana baé
wangunan imah anu nyangirah ti wétan ka kulon, maksudna keur ngajaga kaséhatan
nuturkeun perjalanan panonpoé. Mun isuk-isuk, bakal nampa hawa beresih. Kitu
deui di Kampung Naga urang moal manggihan jamban atawa pacilingan di jero atawa
di gigir imah. Pamandian jeung pacilingan téh dijieunna di walungan, lantaran
cenah imah kudu jaun tina tempat kokotor.
Pikeun ngajaga alam
sabudeureun, di Kampung Naga ogé aya nu disebut leuweung larangan. Ieu leuweung
perenahna di tonggoheun walungan Ciwulan, legana welasan héktar. Ieu leuweung
té diriksa ku saréréa ngarah henteu ruksak, maksudna minangka sumber cai. Lamun
leuweung tetep dipiara, sumber cai moal saat sarta dina usum hujan moal banjir.
7.
Sistem
Pangaweruh
Di Kampung Naga teu aya sakola,ku kituna barudakna
sakola ka luar Kampung Naga, nu teu pati jauh. Keur pendidikan formal rata-rata
masarakat Kampung Naga ngan lulusan SD jeung SMP. Saleuwihna deui aya nu nepi
ka jenjang paguron luhur. Hal ieu lantaran faktor ekonomi nu teu bisa
nyakolakeun anakna nepi ka paguron luhur jeung falsafah maranehna nu nyebutkeun
yen pendidikan bisa dihontal ku luang,
daluang, jeung uang. Luang maksudna bisa diajar sorangan, daluang hartina
diajar tina maca atawa nanya ka jelema lian, sedengkeun uang hartina bisa diajar di sakola pendidikan
formal.
Namung masarakat Kampung Naga bener-bener ngajen
pendidikan kahirupan, maranehna ngajalankeun sosialisasi jeung enkulturasi
sahingga kahontal konformitas nu teu dipiboga ku lembaga pendidikan di
Indonesia.
8.
Pakakas
·
Paranti ngakut nyaeta tolombong/dingkul
·
Tampir, giribig nyaeta tempat paranti moe gabah
·
Tempat pare aya leuit hiji (model lenjang, ngan poho teu difoto kamari)
pikeun nyimpen pare paranti kapentingan umum (hajat sasih), pare (jenis pare:
ranggeuyan + murag) masing-masing disimpen dina tolombong/dingkul karung di
goah/dapur. Alesan leuit saeutik, kahiji kalolobana pare nu dipelak pare murag,
kadua, lahan kp naga heureut.
·
Tempat keur ngolah pare (gabah) nyaeta
saung lisung.lisungna kai teu panjang siga di baduy jeung aya nu tina
batu tipe stone ti walungan ciwulan. Tempat na di sisi balong.
·
Nyiru paranti napi beas atawa gabah.
·
Tempat nunda beas nyaeta Goah, wadahna pabeasan gentong +boboko, karung
·
Tempat nyangu nyaeta hawu dina parako (luhureun lantey dapur nu
panggung)
·
Wadah nyangu nyaeta seeng + aseupan.
·
Masarakat Kampung Naga make etem keneh
pikeun ngala pare.
9.
Kasenian
Aya tilu jenis
kasenian di Kampung Naga nyaeta:
1) Terebang
Gembrung anu dipaenkeun ku dua urang nepi ka henteu kawates biasana ieu
dilaksanakeun dina wayah Takbiran Idul Fitri sarta Idul Adha sarta kamerdikaan
RI. Pakakas ieu dijieun ti kai.
2) Terebang
Sejat, dipaenkeun ku 6 jelema sarta dilaksanakeun dina wayah upacara pernikahan
atawa sunatan ampon.
3) Angklung,
dipaenkeun ku 15 jelema sarta dilaksanakeun dina wayah khitanan missal
10.
Sistem
Basa
Basa nu dipake ke wargi Kampung Naga mayoritas Basa
Sunda.
11.
Inovasi
Urang Kampung Naga
Salasahiji kaunikan Kampung Naga nya eta pola hirup
masarkatna, nya eta kahirupan nu salaras jeung alam (dina kampung kaasup
budayana). Masarakat Kampung Naga ngajaga jeung ngamumulé kaayaan alam oge
budayana. Maranehna tetep aya dina falsafah hirup ampong adatna nya eta “
ciciren eta teh mangrupa karismatik, leungit cicirenna maka bakal leungit oge
ajen-ajen moralna, nalika geus leungit ajen moralna maka harga diri eta geus
teu aya dina dirina. Kitu oge budaya, nalika budaya rusak maka rusak oge
bangsana”. Hal eta nu ngajadikeun Kampung Naga ngajaga pisan kana adat
istiadat, budaya sarta lingkunganana.
Patali jeung
alam, Kampung Naga nu aya di tengah efek globalisasi jeung moderenisasi
saenyana diaku leuwih beurat ti batan Kampung-kampung
adat nu jauh ti ramena masarakat luar. Numutkeun kapala adat Kampung Naga
“Masarakat Kampung Naga masih bisa mertahankeun budaya sarta lingkunganna sabab
masarakatna masing nyekel kana konsep diri “yén hirup téh lain di alam, tapi
hirup téh bareng jeung alam”. Alam mere sinyal keur jalma nu deukeut jeung alam
eta sorangan.Ku kituna, masarakat Kampung Naga sanajan sacara geografis
perenahna kampungna aya di lebak, tapi teu pernah ngalaman kabanjiran,
sabalikna nalika usum halodo datang, teu pernah ngalaman kakurangan cai. Nu aya
maranehna ngarasakeun katengtreman dina
ngokolakeun sumber kahirupan, sabab maranehna teu sarakah jeung kaleuleuwihi
dina ngamangpaatkeun alam nu geus dianugrahkeun ku Pangeran.
E.
PANUTUP
·
Kacindekan
Masarakat Kampung Naga nu hirup di era globalisasi
masih bisa ngadeg hirup hurip tina arus kabudayaan deungeun nu teu sakabéhna
mawa pangaruh positif. Namung maranéhna angger terbuka kana parobahan jaman,
maranéhna teu nutup diri tina kamajuan teknologi asal saluyu jeung adat.
Material imah masarakat Kampung Naga nyirikeun yén
maranéhna tara hirup kaleuleuwihi oge sauyunan , imah-imahna padeukeut antara nu hiji jeung nu liana,
sistem tatanénna teu ngagunakeun pupuk kimia.Dina ngokolakeun sawah katingali
rasa silih tulunganna, sabobot sapihanéanna.Eta téh mangrupa salahsahiji conto
tina kasederhanaan, jiwa silih tulungan jeung penghargaan maranéhna ka alam nu
mere kahirupan.
Warga adat Kampung Naga henteu nembongkeun rasa
kasedih, kabingung sarta kasumeblak hate tapi nu ditembongkeun téh kasoméahan anu pinuh ku optimisme. Béda
jeung tukang mulung, nu ngamén sarta
tukang asongan di désa nu sok nguluwut. Upama urang bener – bener nyaho kana
budaya, urang moal bakal ngarasa teraliénasi ku jaman sarta sistem anu henteu
saluyu jeung kapribadian bangsa.
·
Saran
Dumasar hasil
tina ieu panalungtikan, aya
sawatara saran pikeun sababaraha pihak,
mugia tiasa nyampurnakeun
kana panalungikan kabudayaan kapayuna. pihak-pihakna, nya éta:
1)
Lembaga pendidikan
2)
Guru
3)
Mahasiswa
4)
MasarakaT
DAPTAR PUSTAKA
Bakker. (1984). Filsafat
Kebudayaan Sebuah Pengantar. Kanisius: Yogyakarta
Brata, Nugroho Trisnu.
(2007). Antropologi Untuk
SMA dan MA
Kelas XI. Jakarta: Esis.
Koentjaraningrat .(1990).
Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta.
______________ .(1985).
Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: PT Gramedia.
______________. (1985).
Ritus Peralihan di Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.
Nottingham, Elizabeth K.
(1994). Agama dan
Masyarakat. Jakarta: PT
Raja Grafindo Persada.
Perhimpunan KB-PII. (2006). Ngamumulé Budaya Sunda. Bandung:
Perhimpunan KB-PII Jawa Barat.
R. A Danadibrata. (2006).
Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.
Tim Dosen PAI
UPI. (2009) Islam
Tuntunan dan Pedoman
Hidup. Bandung: Value Press
Tidak ada komentar:
Posting Komentar